Minggu, Agustus 05, 2012

Kembang Panon




Anaking jimat awaking nu diatik tileuleutik dijaring diapaing timimiti geude, dididik disakolakeun jug nepi ka remaja teu karasa ngabiayaan jol gubrag kamangsa dewasa, cigahna poe ieu 19 Mei 2012 cumpon kawajiban salaku nu jadi kolot nyaeta ku ngadahupna anjeun anaking jeung caroge anjeun pilihan sorangan anu dipicinta tur nu dipikadeudeuh sang caroge Ricky Iskandar Toreh.
Aranjeun geus jadi salaki pamajikan anaking jeung mantu awaking pek di doakeun cing mulus banglus mulus rahayu berkah salamet cing jadi keluarga sakinah mawadah warahmah amin.